Minggu, 24 Mei 2015

Episode: (PHP) Pemberi Hajatan Palsu

Teu walokaya maratan langitna, jeung asa dibawa ngapung ku tsucikage, aing didieu sujud syukur ningali ceban like COMIC SUNDA.
Saparantosna ceungkat sujud syukur sabari encok juga, terus ngadawuh ieu admin sepuh kieu:
hayu para saderek parakanca anu mikareuseup ka COMIC SUNDA urang ngajieun aliansi shinobi. Meh babareungan ngalawan si madara.
Tau teu eta si madara? Anu ti klan uchiha tea geuning, anu make topeng surabi yang puputeuran, dan dia teh musuhnya naruto.
Eh kela.... Naha ieu teh jadi ngomongkeun naruto?
Anu saleresna mah ieuteh hoyong ngayakeun hajatan 2 poe 15 detik teu ereun-ereun jang ngarayakeun fanspage anu teu penting ieu.
Nya leuleutikan we atuh hajatna mah da moal aya nanaon, paling oge lalajo the terong show.
Tapi jang tambah rame ieu hajatan ieu, urang mah dek maksain we ngajual tanah, sawah, baju, salempak, jeung batu ali. Biar ada:
- lomba balap kurupuk diluhureun monas.
- lomba patincak-tincak sirah.
- lomba ngasupkeun tambang kana jarum.
- lomba paheula-heula nyabut korong make jidar besi.
- lomba mewarnai gambar sailor moon jeung eyang subur.
- jeung sakahayang apa we lah sok nu rame? (tulis na komenan ok)

Jang hadiahna mah seperangkat alat sholat aja, keun ath bae meh garetol.
jeung dek turut ngondang bintang tamu deuih ieuteh:
- bapana raisa.
- akina anisa chibi
- ninina andika kangen band.
- kapi lanceukna hulk.
- indungna squidword.
- jeung adi tiri siluman batu kalimaya.

Kaleum da apal urang oge rareuseup dangdut, disiapkeun ku akumah non stop tah neupi ka harga beas turun.
Sok diarantos anu bade ngiringan hajatan ieumah, tapi syaratna:
- kedah nyandak ktp, sareng jamkesmas. Bisi kemaonam.
- batas umur 18 tahun ke mana we lah.
- teu keunging nyandak murangkalih anu olol leho. Bisi nyusutkeun.
- wios, teu kedah nyandak artos, ngan nyandak we tolengkar dibuledkeun.
- teu keunging ngaemam anu lada, bisi nyeuri beuteung, hampura eweuh wc.
- jeung pas dek inditna kade poho maca doa heula, bisi aya begal.

Kangge Tempat jeung lokasina mah, ieu acara teh bade dilaksanakeun di:
- di tukangeun pasar anyar.
Upami teu kapendak wae eta tempatna, naroskeun we katukang beca. Da tukang beca mah kaya google map. sagala apal.
Sakitu wae nya brosur ti akumah. Mugi have fun aja, upami aya nanaon mah cek kuota we!
Hiji deui kangge ending ieu acara! Cobi kepalanya ditekuk kesebelah kiri, lalu bilang:
"SUKSES YA SAY".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar